:

Kidung Agung 5

1

\it Nonoman:\it* Enung, rayi panganten, ieu engkang datang ngalanglangan taman, mupu emur, ngala dupa, nguyup madu, ngadahar para nyiruan, nginum anggur, nguyup susu. \it Wanoja-wanoja:\it* Batur-batur nu keur gandrung, geura dalahar leueut sawaregna, nepi ka giung ku cinta!

2

\it Wanoja:\it* Ari mondok, hate mah teu weleh nyaring, ngimpi panutan ngetrokan panto. \it Nonoman:\it* Buka panto enung, jungjunan, pupujan ati, japati engkang, ieu engkang, sirah cipruk ku ciibun, buuk kulimis ku cireumis.

3

\it Wanoja:\it* Kumaha da parantos cucul-cucul, naha kedah dangdos deui? Suku parantos beresih, naha kedah kokotoran deui?

4

Panutan kuring nyekel kana gagang panto, hate mani ratug dumeh anjeunna deukeut.

5

Kuring ngojengkang arek mangmukakeun anjeunna. Leungeun dibalur ku emur, ramo diolesan ku minyakna, kolotrak ngalaan tulak.

6

Bray panto dibuka, rek ngabageakeun. Har, anjeunna geus teu aya. Hanas geus sono kana soantenna! Ku kuring diteangan, tapi teu kapanggih, digeroan taya waleranana.

7

Kuring kapanggih ku nu keur ngararonda kota, malah terus diteunggeulan mani raraheut, karembong oge disosoeh ku nu ngajaraga kuta.

8

Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, lamun pareng patepang sareng kakasih kuring, pangwartoskeun yen kuring kagegeringan.

9

\it Wanoja-wanoja:\it* Nyai, bentangna para wanoja, kakasih Nyai teh memangna benten ti nu sanes? Naon luar biasana teh, nepi ka kuring sarerea kudu jangji?

10

\it Wanoja:\it* Kakasih kuring teh nya kasep nya gagah, mencil sahiji tina salaksa.

11

Rarayna lemes sarta marahmay, rambutna panjang ombak-ombakan, hideung meles ngabangbara.

12

Socana jeg japati nu eunteup di sisi susukan, lir japati beunang ngamandian ku cisusu, eunteup sisi walungan.

13

Damisna saendah taman, nu pinuh ku tangkal ubar-ubaran reujeung samara. Lambeyna lir kembang bakung, anu leucir ku minyak emur.

14

Pananganana mutuh sampurna, nganggo lelepen anu aya permatana. Salirana lir tina gading, anu dipasieup ku batu nilem.

15

Wentisna lir tihang marmer anu napak dina tatapakan emas. Anjeun mutuh nya agung, lir Gunung Libanon, pinuh ku kiputri nu laluhur.

16

Mun dicium tea mah lambeyna bangun amis, sagalana matak kabungbulengan. Tah kitu kakasih kuring teh, he wanoja-wanoja Yerusalem!

Link: